pengalaman tak terlupakan

doel sumbang – pulisi

poe kemis keur maraban hayam pelung
kuring nampa beja
nini kuring geuring parna di rajapolah
kuring indit maksud rek ngalongok
indit teh isuk isuk ti bandung

ti rajapolah balik teh rada peuting
bari panon geus rada cepel .. da kamari kurang sare..ngudag setoran
nepi ka bandung teh geus liwat tengah peuting
kota oge geus rada jempling

samemeh kaimah nyimpang heula ka tegalega
ngan nu dagang geus areuweuh
nu aya teh tinggal tenda2 gongli
ditengah lapang tegalega nu poek kawas diguha
…ceunah mah eta teh tempat lalaki jangar nyiar liang belut, keur ngurek

nya ahirna kuring balik padahal panon geus teu kuat buncelik
jalan ampir teu katenjo nenjo beca jiga bemo
bakat ku tunduh, teu sadar kuring ngalenyap

gas katincak satakerna, mobil ngoloyong kakenca
ampir naek kana trotoar
kacida kuring reuwasna rem ditincak satarikna
nepi ngajerit sorana
ngajerit maratan langit kawas abg katincak buta

…eta reuwas teh can beak, ujug2 teh torojol mobil kijang
…eusina eta aya pulisi tilu, tuluy nu dua turun nu hiji cicing na mobil

biasa, nanya sim jeung stnk bari peupeleukeuk nyarita
…nyupiran teh tong bari mabok atuh euy bisi nabrak jelema euy
…mmm…kedahna mah selamat malam heula..nya kitukan kedahna mah sopan santun pulisi teh
…tong make sesentak kitu atuh, da sanes jamanna euuhh

padahalnya, kukuring geus dijelaskeun kuring teh tunduh kacida
ngalenyap henteu karasa, tapi angger pulisi teu daek percaya

ngadon ngomong2 denda menta dua puluh rebu, jeung bari setengah maksa
aya ku euweuh kaera
…padahal teu meunang na peraturanan, ngan pikir2 teh percuma

pasea oge henteu guna, da pasti nu meunang manehna
bari jeung teu rido hati nya kapaksa kuring mere
…nya da ari meunanng duit tina teu rido tea mah moal jadi daging
…moal jadi bekok2 acan, nupuguh mah jadi dosa heueuh
…tapi bae lah eta mah urusan manehanana ngan kuring mah jadi hayang nanya
…naha aya undang2na jelema nyupiran ngalenyap didenda?
…tah eta nu can jelas teh, lamun seug aya mah peraturana teu nanaon kuring narima
…ngan lamun euweuh, berarti nyaeta nu ngarana oknum teh kitu

matak kahatur ka bapa kapolda, nu kitu teh teu kenging aya, bilih ngareksak citra pulisi
pan aya paribasana, karena nila setitik rusak susu sebelanga
kulantaran oknum dua pulisi ical wibawa…

Dengarkan

One Response

  1. dody Says:

    polisina teh torojolna ti mohammad toha ?…..
    ….
    sareng teman-teman…..hhahhaha…hatur nuhun…permios

Leave a Comment